Kaca:Wawacan Ahmad Muhammad.djvu/347

Ti Wikipabukon
Ieu kaca geus diuji baca

348

25. Kurang tarik nya ngagada,

Ménta anget ngagada téh kurang tarik,

Datuk Bendara ngawangsul,

Geura males baé siya,

Montong ngomong geura jempé baé mukul, Mana wani ka kalangan,

Curina aing prajurit,

26. Énggal baé Raja Sundan,

Ngulung gada barina susumbar bengis,

Jeung siya mo enya teguh,

Aing rék males ngagada,

Moal enya ngaduwa kalian mukul,

Mun kuat sakali nahan,

Darajat awak silaing.

27. Gadana sang Raja Sundan,

Enggeus ninggang ngahebuk bawaning tarik,

Jedur lir sora gugur,

Ditadah ku sang Bendara,

Hanteu kuat kepeng mancawura bubuk,

Tawur bubukanana.

Jumpalik Panghulu Mesir.