Kaca:Wawacan Ahmad Muhammad.djvu/346

Ti Wikipabukon
Ieu kaca geus diuji baca

347

22. Énggalna Datuk Bendara,

Gadana téh diulengkeun langkung tarik,

Jegur lir sowara laut,

Di tadah ku Raja Sundan,

Kapengna téh kuatné liwat langkung,

Kapindo Datuk Bendara,

Ngulung deui langkung tarik.

23. Jedur lir ombak sagara,

Raja Sundan tadah gada langkung gasik //, (160)

// kapengna kuat langkung, (161)

Datuk Bendara ngangkat,

Gada Raja Sundan masih kénéh kuat mukul,

Pangtelu Datuk Bendara,

Gadana dijungjung deui.

24. Masang deui Raja Sundan,

Enggeus jebrod Datuk Bendara ngagitik,

Maha Raja Sundan nyaur,

Kuat kepeng maléla,

Raja Sundan tanggah barina jeung nyaur,

Hé musuh Datuk Bendara,

Hayoh geura mukul deui.