Kaca:Wawacan Ahmad Muhammad.djvu/352

Ti Wikipabukon
Ieu kaca geus diuji baca

353

Tinggang ku Radén Mantri,

Ditakis panakis tetekna jimat beusi kuning,

Parasani geus puguh,

Dina cameti silang,

Seug murubut pedang,

Dén Ganeapuri beuk murubut ka bumi,

Gandapuri kagét barina nambalang.

14. Na ieu pedang beut murag,

Beut murubut cara keusik,

Wijaya Sutiya nyoba,

Nu matak pedang silaing,

Jadi bubuk cara keusik,

Totondén manéh geus nangtung,

Bakal bubuk dihakan,

leu ku pakarang aing,

Gandapuri nyandak deui éta tumbak.

15. Cing ieu mun digjaya,

Tampanan tumbak aing,

Putra Sang Tangga nadahna,

Jekok tumbak Gandapuri,

Putra Sang Tanggot teu gimir.