Kaca:Wawacan Ahmad Muhammad.djvu/353

Ti Wikipabukon
Ieu kaca geus diuji baca

354

Gandapuri tambah nafsu,

Jekok deui éta tumbak,

Sampai dua tilu kali,

Radén Mantri nyodorkeun hareup jeung tukang.

16. Weléh baé henteu teurak,

Gandapuri tambah pusing,

Tumbak teu hirup ti tukang,

Mejen tumbak Gancapuri,

Gancapuri cabut keris,

Éta putra Sang disuduk,

Kerisna Pun Gancapuri,

Ngaringkel cara titinggi,

Gancapuri pusing baris nambalang.

17. Geura males kurang ajar,

Modar baé siya anjing,

Anu teu terak ku pedang,

Aing ogé kulit beusi,

Énggal baé Radén Mantri,

Nyandak duhung tina suku,

Ngaran Baraja Kusumah,

Asalna téh éta keris.