Kaca:Wawacan Ahmad Muhammad.djvu/358

Ti Wikipabukon
Ieu kaca geus diuji baca

359

Éh nyata si Wiramaya.

4. Nya paingan wani ka Habsih,

Jadi manéh pindah ngaduan,

Sarta jadi bobotoh,

Sok baé sanajan kitu,

Hanteu kirang saban pati,

Euweuh manéh teu Habsih,

Teu butuh sarambut,

Masih loba seta patya,

Kitu deui anu pikeun nugeul Mesir,

Cumah aing Raja Sundang.

5. Kitu deui siya gé geus pasti,

Wiramaya jeung Wira Sentika,

Ditugeul beuheungna kanca,

Wiramaya geus ngadangu,

Jeung kumaha ieu abdi ucapan,

Lir Raja Sundang,

Ceuk akang rék maju,

Ngayo ka siya Raja Sundang,

Dén Sentika ka rakana rék ngalahir,

Poma ulah diayonan.

6. Sabab keur diayonan ku Gusti,

Moal saé mun ngalanggar,

Kana baé moal didéngé,

Raja Sundang kersa nyatur,

Hé Ahmad wawakil Mesir,

Geura dék manéh ngagada,

Naon suka nyuduk kek numbak atawa medang,

Cing geura pék ku aing moal ditampik,

Ngajawab Rahadén Ahmad.