Kaca:Wawacan Ahmad Muhammad.djvu/359

Ti Wikipabukon
Ieu kaca geus diuji baca

360

7. Hanteu matek miheulaan juit,

Sabalikna kuma diya niyat,

Raja Sundang énggal baé,

Ganca enggeus dijungjung,

Geura tadah gada aing,

Garang per-iyatna,

Manéh tangtu remuk,

Rahadén Ahmad énggal pasang,

Panadahna kepeng daluang sayakti,

Raja Sundang enggeus ninggang.

8. Jumelegur lir banjir jalan gasik,

Nadah éta Rahadén Ahmad,

Kuat kapengna téh tanggah,

Waja jeung beusi diadu //, (165)

Lir batu lawan patiki,

Pating burinyay seuneuna,

Raja Sundang mundur,

Ngawahan ngulawit gadana,

Langkung tarik satakerna ngagitik,

Geus jauh kana sasaran.

9. Radén Ahmad masang deui panakis,

Raja Sundang geus jegur nanggung gada,

Sakalangkung angut,

Jegur kaya banjir laut,

Ku Ahmad ditadih deui,

Pating gelebuk seuneuna,

Kepeng Ahmad tangguh,

Ngulung deui raja Sundang,

Gada titadi geus jegur deui ditakis,

Kuat kénéh kepeng Ahmad.

10. Raja Sundang bengis jeung ngalahir,