Kaca:Wawacan Ahmad Muhammad.djvu/360

Ti Wikipabukon
Ieu kaca geus diuji baca

361

Coba Ahmad geura males siya,

Énggal Radén Ahmad anom,

Nyandak gada geus diulun,

Raja Sundang pasang takis,

Gadana rahadén Ahmad,

Geus ninggang ka jegur lir sowara umbak,

Raja Sundang gasik nakis gada beusi,

Kuat kepengna maléla.

11. Rahadén Ahmad ngagada deui,

Jumelegur nakis deui Sundang,

Panahan masih tangguh,

Seuneuna pating jelegur,

Metu waja beusi,

Tinggak deui Raja Ahmad,

Gadana geus nutu,

Nadah deui Raja Sundang,

Kana gada kuat kana panakis,

Geus taya anu kasoran.

12. Raja Sundang miceun gada beusi,

Nyandak nyameti bubuyut ngalaga,

Gameti rukmat geus kahot,

Raja Ahmad pun nya kitu,

Teu éléh jimat nagari,

Seug nyandak kilat,

Raja Sundang nyaur,

Coba tadah geura Ahmad,

Lamun teges manéh digjaya ajurit,