Kaca:Wawacan Ahmad Muhammad.djvu/363

Ti Wikipabukon
Ieu kaca geus diuji baca

364

Sami pada kaleresan,

Jungkung pada rubuh,

Sami pada kapidara,

Ahmad, Sundang sami tiwas hanteu éling,

Nu pupu sami rubuhna.

18. Ana gagah sami pada éling,

Bek-bek silih bebek kilat,

Dua tilu kali meeut téh,

Sakali-kali mukul,

Sami pada ngajumpalik,

Rubuhna nampa wilangan,

Taya anu teguh,

Sar éling deui duanana,

Raja Sundang akalna enggeus kapikir,

Rék nyidrang ka Dén Ahmad.

19. Seug ngagitik pangheulana tarik,

Geus ngagitik manéh wareg ngejat,

Rahadén Ahmad mgoloyong,

Raja Sundang gasik nuyung,

Ahmad hanteu éling,

Merekpek Sundang nenggelan.