Kaca:Wawacan Ahmad Muhammad.djvu/364

Ti Wikipabukon
Ieu kaca geus diuji baca

365

Seug deui ka musuh,

Dén Ahmad tambah polah,

Blak nangkuban Raja Sundang mukul deui,

Seug direbut peeut Ahmad.

20. Enggeus kénging peeut Sang Manjeti,

Raja Sundang ceug nambah gandang,

Nambah wani haté alot,

Rahadén Ahmad seug imut,

Rumpul rampé pecut leungit,

Kaburu ku Raja Sundang,

Bek deui dipecut,

Teu keur éling Ahmad,

Ari éling jebét deui jebét deui,

Tampa wilangan Dén Ahmad.

21. Urang Habsi ramé liwat saking,

Musuh enggeus kasoran papan,

Sapoé jeput perang ramé,

Geus burit méh tabuh,

Tujuh berang bendéra panyapih,

Mukur tambur muru lawan.

Raja Sundang mundur.