Kaca:Wawacan Ahmad Muhammad.djvu/365

Ti Wikipabukon
Ieu kaca geus diuji baca

366

Handeueul kabina-bina,

Radén Ahmad barang ras waktua jurit,

Langkung wiring mucung manah. // (167)

Pucung

1. Musuh lawan geus mundur ti mĕdan pupu,

Sami pasangrahan,

Barang tuang langkung ponyo,

Radén Ahmad hanteu pisan tuang.

2. Sakalangkung dina manahna keur ngangluh,

Édanan jimat,

Direbut ku musuh lawan,

Radén Ahmad tibekat ku pecut kilat.

3. Sigegkeun pasangrahan Mesir Ratu,

Kocap Raja Sundang,

Di Pasangrahan Habsi téh,

Keur handeueul ameng pabaur jeung suka.

4. Raja Habsi ngandika ka para Ratu,

Habesi Raja,

Ilu Gusti mah abong-abong,

Mun teu kapotong beuheung si Ahmad kawilang.

5. Matak éra sakitu loba para Ratu,