Kaca:Wawacan Ahmad Muhammad.djvu/367

Ti Wikipabukon
Ieu kaca geus diuji baca

368

Raja Habsih ngawalon,

Jeung nyakakak suka kacida.

11. Heueuh kawas aing hanteu punjul,

Najan euweuh laksa,

Balad aing moal kaur,

Kacaturkeun reup peuting kocap geus beurang.

12. Tabuh lima geus baris deui serdadu,

Wadya Habsi ogé,

Aya di médan kancah,

Raja Sundang manahna ka musuh lawan.

13. Nyandak peeut pun kilat meunang ngarebut,

Susumbar ganggang,

Anu nyandak panah ranté,

Peeut rukmat di candak ku Sang lokuntar.

14. Sang Bantulu nogél senjata limlung,

Geus majeng ka médan,

Nu loba para Sang katon,

Ngobeng Raja Habsi enggeus masidna.

15. Tumbak pedang rancung nu ancang ti payun Raja tunggang gajah.

Geus sumping ka médan kancah.