Kaca:Wawacan Ahmad Muhammad.djvu/368

Ti Wikipabukon
Ieu kaca geus diuji baca

369

Tingalikeun anu dék perang tandingan.

16. Raja Sundang ka médan nangtang musuh,

Sosowak-sosowak//, (168)

Hé Ahmad geura jol,

leu aing moal mundur atah-atah.

Durma

1. Raja Ahmad geus nguping nu nangtang perang,

Sakalangkung panas ati,

Teu émut kana jimat,

Émutna kana wiwirang,

Kajeun mati dina jurit,

Titingal........,

Seug amit ka Raja Mesir.

2. Raja Mesir ngiringan sareng pidu’a,

Akang ogé baris indit,

Rap nganggo sadaya,

Ngiring kangjeng maja,

Sultan angkat nitih gajah putih,

Radén Ahmad nunggang,

Ku Samparani seug diobeng ku Radén Wira Sentika.