Kaca:Wawacan Ahmad Muhammad.djvu/369

Ti Wikipabukon
Ieu kaca geus diuji baca

370

3. Reujeung Wiramaya daék,

Enggeus jengkar kana médan,

Kitu deui Maha Sultan,

Geus pada sumping,

Rahadén Ahmad,

Geus lebet ka médan jurit.

4. Wiramaya ngajaga waten kalangan,

Raja Sundang geus ningali,

Geus sor adu hareupan,

Sarta geus teu tata,

Bari narik cameti,

Rahadén Ahmad,

Ngagitik pecut sakali.

5. Ngajumpalik rubuh sareng kapidara,

Ger surak urang Habsi,

Barang eukeur ramé surak.

Jengker Radén berginggang,

Seug ngahujanan jamparing,

Ku sayuta panah,

Ting jarungkung urang Mesir.

6. Wiramaya jeung Wira Sentika,