Kaca:Wawacan Ahmad Muhammad.djvu/370

Ti Wikipabukon
Ieu kaca geus diuji baca

371

Geus dihujanan jamparing,

Panah ditepak geus rag-rag,

Rariges jamparingna,

Tayohna Raja Habsi,

Apan tandingan,

Kira-kira cara iblis.

7. Ngarusuhkeun ngaributkeun ku senjata,

Jadi.urang Habsi,

Balad Mesir loba pisan,

Nu kapidara ku panah,

Kocap Radén Ahmad deui,

Geus silig jengkat,

Bari nepakan kakandi.

8. Ménta-ménta panakis pikeun pun kilat,

Geus bijil cameti kulit,

Tina éndong geus dicaandak,

Katingal ku Raja Sundan,

Barina seug meubeut deui,

Ka Radén Ahmad,

Ditakis ku peeut kulit.