Kaca:Wawacan Ahmad Muhammad.djvu/371

Ti Wikipabukon
Ieu kaca geus diuji baca

372

9. Radén Ahmad geus kitu mah tangguh,

Kuat Raja Sundang tambah pusing,

Seug dibeubeut deui Ahmad,

Dén Ahmad nakis,

Tangginas Dén Ahmad,

Males ngagitik,

Ku peeut kawawa éta cameti kulit.

10. Bari ceuyah Raja Sundan hanteu robah,

Dua kah tilu kali,

Raja Sundang tangguh kuat,

Ana males Raja Sundang,

Jebét Ahmad ditampiling,

Dén Ahmad nadah,

Méh teu kitu Sang Manjeti.

11. Jumarigjeug méh deui rubuh // Dén Ahmad, (169)

Raja Sundang muru gasik,

Dén Ahmad didupak,

Tipetoleng meunang satumbak,

Radén Ahmad males deui,

Seug silih dupak.

Raja Sundang tidupak tarik.