Kaca:Wawacan Ahmad Muhammad.djvu/376

Ti Wikipabukon
Ieu kaca geus diuji baca

377

24. Anu matak aceuk asa-asa,

Aceuk paur jeung risi,

Sieun kasiku akangna,

Kumaha lamun teu suka,

Ku ningal aceuk pinasti,

Kabendon lampah,

Kuraesin seug ngalahir.

25. Tuang rayi nanggel ahir,

Barangkalih ucap raka dipatih,

Aecuk téh ngabenduan,

Keun rayi anu maduwan,

Dewi Soja seug ngalahir,

Ari kitu mah,

Enggeus katanggeng ku rayi.

26. Teu sawios bari ngembat-ngembat panah,

Tapi masih kénéh risi,

Gedé siyeunna,

Abong terahing Anbiya,

Langkung keuheul Kuraesin,

Top nyandak panah.

Ngajentar tan amit gasik.