Kaca:Wawacan Ahmad Muhammad.djvu/377

Ti Wikipabukon
Ieu kaca geus diuji baca
378
 
27.

Geus diembat panahna ngaran pun Janpang,
Dewi Soja top jamparing,
Barina diembat-embat,
Geus bijil senjata capang,
Kari Dewi Kuraesin,
Bari ngembat,
Enggeus disigeng ku Kuraesin.

28.

Pun Gapang belegug enggeus dilepas,
Kuraesin ngepruk-ngepruk pingping,
Barina ngandika,
Gumujeung pun sasaran,
Sarta sok talangké teuing,
Lampah aceuk mah,
Kojangkeun duwa jamparing.

29.

Pangheulana senjata capang ajang,
Mener ka senjata deui,
Nu keur mugut pangawasa,
Senjata jin jeung karacag,
Silih sabet panah Dewi,
Jeung panah Sundan,
Pada senjata perang tanding.