Kaca:Wawacan Ahmad Muhammad.djvu/380

Ti Wikipabukon
Ieu kaca geus diuji baca
381
 

Radén Ahmad Senapati,
Handeueul karebut musuh,
Saha nu wani-wani,
Ngarebut musuh jago.

6.

Hanteu manahna sudi direbut musuh,
Kawas nu kurang pamalih,
Da moal ménta ditulung,
Sanajan datang kamati,
Suka mati di kalangon.

7.

Dewi Soja awas ninggal raka bendu,
Teu kalih kukurayan biwir,
Bakating reuwas kalangkung,
Lir kilat barengning tatit,
Sebut ngadeuheus kapengkon.

8.

Dewi Soja geus aya dipayun Ratu,
Lenggerek Ahmad Manjeti,
Ngadéhém Nyi Dewi Ratu,
Radén Ahmad ngalahir,
Kagĕt ulah waka jeung bengong.

9.

Dewi Soja imut bari amit munjung,
Nun rayi neda paidin,