Kaca:Wawacan Ahmad Muhammad.djvu/381

Ti Wikipabukon
Ieu kaca geus diuji baca
382
 

Sumeja sungkem panuhun,
Dén Ahmad ngidinan gasik,
Saé nu geulis nya katon.

10.

Dewi Soja énggal munjung bari sujud,
Ka dampal sampéan lantip,
Saparantos munjung sujud,
Dewi Soja lajeng calik,
Bari ngantos diparios.

11.

Radén Ahmad seug marios ka Nyi Ayu,
Nyai téh // iraha sumping,           (172)
Jeung saha Nyai ti ditu,
Nembé atawa geus lami,
Dewi Soja unjuk walon.

12.

Nun sumuhun geus lami indit ti cunduk,
Nyarengan jeung Kuraesin,
Balad jin gayah teu kantun,
Ngantos di Ganda Winati,
Malah putra kang Anom.

13.

Teu kantun diluhur jeung Wirancanu,
Ari nelah kakasih,
Teu géséh sareng kapungkur,