Kaca:Wawacan Ahmad Muhammad.djvu/385

Ti Wikipabukon
Ieu kaca geus divalidasi
386
 

Lahirna Radén Sowawi,
Ngan ulah lami Nyi Ratu,
Akang geus bujeng deui,
Sumangga ceuk Nyai katon.

27.

Dewi Soja geus biyur deui ka luhur,
Nepangan ka Kuraesin,
Réhing salamet rahayu,
Sagek ku Ratu Manjeti,
Urang Habsi kacarios.

28.

Sakalangkung pasangna Raja Bentulu,
Rék majeng kaburu burit,
Handeueul ngan kantun,
Nafsu di médan pasapih,
Bandéra hideung jeung uwung.


29.

Musuh lawan geus pada mukul tambur,
Sami pada berenti,
Ka Pasanggrahan geus cunduk,
Tabuh tujuh geus tarapti,
Dék barang tuang ngaronyok.

30.

Para Ratu barang tuang suka kalbu.