Kaca:Wawacan Ahmad Muhammad.djvu/386

Ti Wikipabukon
Ieu kaca geus diuji baca
387
 

Miswari pada Meswari papatih,
Demung tumanggung Ponggawa rawuh,
Para Mantri wadita,
Geus pada recok.

31.

Sultan Mesir seug mariksa waktu pupu,
Akang rémpan liwat saking,
Ku pada éta musuh,
Raja Sundan teges jurit,
Radén Ahmad matur walon.

32.

Nun sumuhun digjaya teu kinten pupuk,
Ngan aya pitulung Gusti,
Kabujeng ku Nyai,
Ratu Dewi Soja telik,
Jurut muru disenjata maot.


Kinanti

1.

Raja Mesir geus ngadangu,
Duh rayi Radén patih,
Naha ayeuna akang,
Hayang beurang teuing,
Para Ratu jeung meswara,
Sami kagét anu nguping.