| Sareng Dewi Kuraesin,
Diiring satria dua,
Anu karasép garinding. |
| 6. | Ermaya jung Wiramanu,
Dewi Soja Kuraesin,
Papanggo sapasang éndah,
Dicocontong cawening,
Udat héjo rupa,
Jingga rupa jika katumbiri. |
| 7. | Jiga dewata tumurun,
Papanggona teu dikeris,
(?) deui alus ngarang,
Teu dicatet dina sair,
Sakitu gé kira-kira,
Papakeum malayu ninggi. |
| 8. | Ngan awahing biheung alus,
Lain ku pinter banangkit,
Malayu disalin Sunda,
Ngan nyobat kanu binangkit,
Jenenganana éh iya Muhammad,
(....) miskin. |