Kaca:Wawacan Ahmad Muhammad.djvu/389

Ti Wikipabukon
Ieu kaca geus diuji baca
390
 
9.

Dewi Soja mendak tungkul,
Mando dongkap sarta tatih,
Dén Ahmad matur ka (?),
Sumuhun unjuk ningali,
Nya Ayu Nyi Ratu Ajrak,
Sareng Nyi Ratu Manjeti.

10.

Sultan Mesir jeung pra (.....),
Sami ngahurmat nu sumping,
Dipasang kursi suwala,
Rap munjung dua putri,
Enya éta Maha Sultan,
Geus tinya ka para Bupati.

11.

Geus putus ka para Ratu,
Radén Ahmad seug ngalahir,
Dimerehkeun ka mertuwa,
Dewi Soja énggal gasik,
Seug sujud ka mertuwa,
Nya eta Radĕn Kosasih.

12.

Dinya seug dituyung diyuk,
Kursi Maha Raja Mesir,
Nya éta na kursi goyang,