Kaca:Wawacan Ahmad Muhammad.djvu/390

Ti Wikipabukon
Ieu kaca geus diuji baca
391
 

Ngaréndéng jeung parameswari,
Nya éta gero Sultan, (garwa)
Nya éta kapi raka rayi.

13.

Unjuk sukur ka para sepuh,
Ka kusumbar merwari,
Geus putul anu munjungan,
Dewi Soja Kuraesin,
Kocap deui Raja (...),
Ganda Ermaya sari deui.

14.

Ka Rahadén Ahmad sujud,
Dén Ahmad mariksa gasik,
Gerwana nya ngandika,
Saha ieu murangkalih,
Dewi Soja seug unjukan,
Sumuhun putra jeng Gusti.

15.

Ganda Ermaya (...),
Sareng Wiramanu deui,
Putra Raja Wiranjana,
Bari Ahmad seug nguping,
Sakalangkung kagét manah,
Dirangkul kalemuhan deui.