Kaca:Wawacan Ahmad Muhammad.djvu/391

Ti Wikipabukon
Ieu kaca geus diuji baca
392
 
16.

Bupu enes anak ingsun,
Siti Bagdad kitu deui,
Bari milah ngarontokan //,           (175)
Saibu teu nyana teuing,
Ibu téh kabeneran,
Hayang boga anak manggih.

17.

Jadi teu hanteu ngajuru,
Kuraesin imut manis,
Manahna asa kasawat,
Wastu sami putra hiji,
Radén imut ka putrana,
Hanapiyah anu mati.

18.

Ganda Ermaya geus putus,
Diasuh ku Abu putri,
Seug munjung ka rama uwa,
Sujud ka sampéan tadih,
Sultan Mesir langkung suka,
Sukur anak uwa sumping.

19.

Ka Emban riung mungpulung,
Heulang geura maju jurit,
Tuh ka ditu ka éyang rama,