Kaca:Wawacan Ahmad Muhammad.djvu/395

Ti Wikipabukon
Ieu kaca geus diuji baca
396
 

Reup peuting kaganti beurang,
Kacaturkeun Urang Habsi.

30.

Raja (...) keur nafsu,
Macung kana médan jurit,
Geus sosowak nangtang perang,
Kocap Sang genggang deui,
Mapag balad para sena,
Dipajengkeun kana perang jurit.

31.

Akalna mah geus sakutu,
Raja Ginggang sareng (...),
Lakuna ngaoak tandingan,
Diibareng jeung maju jurit,
Supaya eampur wadiya,
Anjeunna rĕk pasang telik.

32.

Radén Ahmad sor ka payun,
Ka tengah médan jurit,
Raja Bantulu ningalan,
Geus hanteu tata pasini,
Barang gok jeung Radén Ahmad,
Bantulu pakem Cameti.