Kaca:Wawacan Ahmad Muhammad.djvu/396

Ti Wikipabukon
Ieu kaca geus diuji baca
397
 
33.

Jebét Dén Ahmad dibabuk,
Hanteu dua kali sakali,
Pisan Dén Ahmad dibabuk,
Ku pecut rukamit,
Ngajungkel rubuh Dén Ahmad,
Naha ku teu nyana teuing.

34.

Bet musuh neunggeul ku pecut,
Ahmad nambru kana bumi,
Saking ku patih (...),
Keur surak balad ti Habsi,
Barang eukeur ramé surak,
Ahmad teu pungkur dibungking.

Pangkur

1.

Kocapkeun Raja Berginggang,
Jeung baturna para Ratu enggeus singkil,
Dék ngahurup Ahmad wungkul,
Seja keprak balad tasa,
Daduna geus brek kana pupu,
Da médan porak ku balad,
Ratu sakur senapati.

2.

Seug nyiliwuri ku balad,