Kaca:Wawacan Ahmad Muhammad.djvu/402

Ti Wikipabukon
Ieu kaca geus diuji baca
403
 

Tanpa daksa sarusah balad Habsi,
Geus gugah balad nu rubuh,
Balad eujin nu numbakna,
Aya lima aya genep aya tujuh,
Nu kapanggang balad Habsah,
Ting jarungkel pada mati.

18.

Urang Habsah pada héran,
Naha ieu balad réa nu mati,
Laksa rébu anu pupus,
Jeung aya ogé anu sumping,
Tanpa anu pongés anu rampung,
Nu picang euweuh ceulian,
Lolobana anu mati.

19.

Da atuh balad Mesirna,
Batan maju anggur kalah beuki nyingkir,
Palangsiang ieu pupu,
Urang dilawan druwiksa,
Ngan (...) sakapeung katingal puguh,
Hayu batur urang nyingkah,
Sabab aya balad dedemit.

20.

Matak jahat kana awak,