Kaca:Wawacan Ahmad Muhammad.djvu/403

Ti Wikipabukon
Ieu kaca geus diuji baca
404
 

Kacaturkeun Ganda Ermaya ningali,
Sareng Radén Wiranjanu,
Keur ngajaga di kalangan,
Bisi aya balad anu maju,
Di seureut ku Dén Ermaya,
Sarta kabéh balad Mesir.

21.

Geus terang nu maju perang,
Balad eujin perjuritna ti Manjeti,
Kocap balad Habsah mundur,
Sartana pasang bandéra,
Nyapih perang jeung nyapih mundur,
Sababna ningal bandéra,
Ngeureunan perang ka Mesir.

22.

Geus bung-beng ka médan,
Gancang Habsi geus ningal ka perjurit,
Geus euweuh nu ting jarungkung,
Sarta mundur ti kalangan,
Dina médan pupu carang éta serdadu,
Raja Bantulu Berginggang,
Wirangan kaliwat saking.