Kaca:Wawacan Ahmad Muhammad.djvu/405

Ti Wikipabukon
Ieu kaca geus diuji baca
406
 

Katingal ku Sang Bintulu,
Kagét barina nambalang,
Naha manéh (?) jol aya di payun,
Sakitu hanteu lawan,
Leleha lain sakali.

27.

Moal nguyang kagagahan,
Atawana aing téh ngelok nya ati,
Kana sumpah siya kitu,
Radén Ahmad seug ngalahir,
Bangkawarah laknatullah siya kufur,
Kapan aing hanteu angkat,
Ti hareupeun siya babi.

28.

Ambek Sang Raja Lukuntar,
Gancang narik cameti (?),
Dén Ahmad (...),
(...) narik deui pecut kilat,
Sami ngulung Ahmad jeung Raja Bintulu,
Pecutna geus pada mawa,
Teu mundur salah sahiji.