Kaca:Wawacan Ahmad Muhammad.djvu/406

Ti Wikipabukon
Ieu kaca geus diuji baca
408
 

Durma

1.

Enggeus buk-bek silih beubeut musuh lawan,
Bintulu sareng Manjeti,
Sami rubuh duanana,
Nusuh lawan kapidara,
Kocapkeun Raja Habsi,
Raja Berginggang,
Dua (?) jeung (...) Aji.

2.

Seug nyampeurkeun ka gontot nu kapidara,
Datang deui dua Aji,
Beuhjang jeung Sorayah,
Karepna rék masang jidar,
Radén Ahmad dihurup opat Aji,
Mawa senjata,
Kocap Ganda ningal.

3.

Wiramaya jeung Wira Sentika,
Nyampeurkeun kana keur jurit,
Raja Bahjang enggeus ningal,