Kaca:Wawacan Ahmad Muhammad.djvu/407

Ti Wikipabukon
Ieu kaca geus diuji baca
408
 

Seug mariksa ka kalangan,
Arék naon siya anjing,
Nyampeurkeun kanu rék perang,
Wiramaya seug ngalahir.

4.

Karep aing rék nyaksi nu rék perang,
(...) karep siya babi,
Sang Raja Rustam,
Mundur bari ningalan,
Nyingkir ti perang jurit,
Rék mariksa //,           (180)
Dén Sentika mundur deui.

5.

Nyingkir batur gening si Wiramaya,
Jeung Wira Sentika deui,
Uluh Senapati Habsah,
Kituh deui urang,
Sieun teu wani nampiling,
Ka Wiramaya,
Rabhan keur jujuh jurit.

6.

(...)(...) dikarepak aya Ahmad,
Dihurup ku Para bupati,
Kawas urang lain lanang,