Kaca:Wawacan Ahmad Muhammad.djvu/409

Ti Wikipabukon
Ieu kaca geus diuji baca
410
 

Makan tuan gandrung,
Kapirangrang,
Nyabok sorangan,
Raja Berginggang ningali.

10.

Kanu eukeur suka bungah,
Raja Berginggang aji,
Tong gancang nyandak,
Gondewa biyur dilepas,
Panah Dén Wiramaya,
Telik jamparing,
Datang keukeuk ditéwak éta jamparing.

11.

Diseungseuringan diririkes bubuk pisan,
Kocapkeun deui nu jurit,
Raja Batulujeung Ahmad,
Geus taya anu kalah,
Kacaturkeun enggeus burit,
Terap bandéra,
Ngeureunan anu jurit.

12.

Musuh lawan sami bubar eureun perang,
Brantiti eureun jurit,
Geus pada ka Pasanggrahan,