Kaca:Wawacan Ahmad Muhammad.djvu/410

Ti Wikipabukon
Ieu kaca geus diuji baca
411
 

Raja Habsi panasbaran,
Raja Rustam Bahjam Aji,
Kagok keur ningal,
Balad enggeus nyingkir.

13.

Urang Mesir nyorakan ti kalangan,
Raja Rustam panas ati,
Reujeung Raja Rustam,
Nuluy baé masangrahan,
Sakalangkung Raja Habsi,
Nya panasbaran,
Tacan meunang Mesir.


14.

Pangandika Raja Habsi kasadayana,
Isukan mah reujeung aing,
Sarta montong taya,
Aing ménta dua jalma,
Si Ahmad jeung Sultan Mesir,
Teng-teng sing datang,
Ka tengahing jurit //.               (181)

15.

Matur mangga sadaya Senapatya,
Sigeug pasangrahan aji,