Kaca:Wawacan Ahmad Muhammad.djvu/411

Ti Wikipabukon
Ieu kaca geus diuji baca
412
 

Anu eukeur berhimpunan,
Garempag paperangan,
Kana pasangrahan Mesir,
Pada gunem na Ahmad,
Sareng Sultan Mesir.

16.

Prabupati jeung para ponggawa,
Kocapkeun putra Manjeti,
Ningali ka Radén Ahmad,
Salira enggeus ragas,
Hawatos kaliwat saking,
Tayohna (...),
Bakating ku susah galih.

17.

Nyanghareupan musuh lawan masih loba,
Dihabeun baé ditaksir,
Mana geus teu tuang,
Baki ngirereh ka putra,
Dewi Soja langkung sedil,
Cuwa ningalan,
Ngadelék Putra Manjeti.

18.

Putra ka Ganda Ermaya ningalan,
Pasemuna kawas nu pusing,