Kaca:Wawacan Ahmad Muhammad.djvu/412

Ti Wikipabukon
Ieu kaca geus diuji baca
413
 

Ka aing téh ngadelékan,
Ku naon ieu sababna,
Ermaya seug tungkul mikir,
Susah manahna,
Ngamanahna liyu pusing.

19.

Hanteu puguh pikirna (...),
Wuri-wuri ama sumping,
Sumping ti pangperangan,
Ibu banget pusingna,
Raja Ermaya ningali,
Salira rama,
Awas barangna ningali.

20.

Kangjeng rama piyas kawas kurang maneh,
Ku Raja Putra kapikir,
Duh paingan (...),
Ibu téh pasemon ama,
Piyas ngangluh kurang akir,
Wageuh peperangan,
Ari kalakuan di Mesir.

21.

Perjurit eumah ngan ama sorangan,
Kataksir ku Putra sidik,