Kaca:Wawacan Ahmad Muhammad.djvu/417

Ti Wikipabukon
Ieu kaca geus diuji baca

418

Éyangna neda tadim,

Sarawuh aneda (?),

Rék maju kalangan jurit,

Éyangna (...) para Raja,

Teu pisan maparin idin.

14. Radén Ermaya seug mundur,

Seug ngalih mando tadim,

Ka ibu (...) mando,

Siti Bagdad putra Mesir,

Raja Ermaya unjukan,

Neda paidin rék jurit.

15. Siti Bagdad kagét ngadangu,

Ngalahir barina nangis,

Aduh Radén putra Maha,

Si ibu téh moal idin,

Nyaah ibu ku kasépna,

Mana mati dina jurit.

16. Kamana pikir si ibu,

Tangtu kaédanan.

Radén ulah maju perang.