Kaca:Wawacan Ahmad Muhammad.djvu/418

Ti Wikipabukon
Ieu kaca geus diuji baca

419

Keun baé da loba deuih,

Moal kirang hulubalang,

Ku Dewi Soja ka kuping.

17. Dewi Soja geus ngadangu,

Keun baé Permeswari,

Muga ulah dihalangan,

Ka sakabéh manéh (...)//, (183)

Ayeuna di nagri Mesir.

18. Manéh kudu perang pupu,

Perang jucugeulan pati,

Ngetak salira Sondari,

Geura uyup getih Habsi,

Upama manéh teu geuwat,

Mati di kalangan jurit.

19. Geus tangtu pikir si ibu,

Teu mindeng teu meunang teuing,

Eukeur naon moga anak,

Keur teu mampuh dina jurit,

Leuwih sukur manéh modar,

Mati di kalangan jurit.

20. Gelar ogé hirup wungkul.