Kaca:Wawacan Ahmad Muhammad.djvu/419

Ti Wikipabukon
Ieu kaca geus diuji baca

420

Taya gunana dilahir,

Asup kana paribasa,

Satiap terahing jurit,

Pék (...) gunting rana,

Gawéna ngan perang jurit.

21. Helos manéh geura maju,

Geura tempuh Raja Habsi,

Musuh manéh bubuyutan,

Raja putra suka ati,

Lir manah carana pindal,

Kebat saking luang mati.

22. Ganda Ermaya (...) semprung,

Teu ganti siyang wengi,

Kakat sieun ku ibuna,

Siti Bagdad segruk nangis,

Aduh Gusti putra Raja,

Mana iklas-iklas teuing.

23. Muga pihatur kapuluk,

Ku aceuk kedah diaping,

Muga-muga aceuk (?),

Landongan pikir sim kuring.