Kaca:Wawacan Ahmad Muhammad.djvu/420

Ti Wikipabukon
Ieu kaca geus diuji baca

421

Tina kateuteupan rémpan,

Dewi Soja seug ngalahir.

24. Insya Allah yayi Ratu,

Aecuk diobeng jurit,

Sanggeus kitu Siti Bagdad,

Geunah manahna Meswari,


Sanggeus ibuna nyanggupan,

Bayah dina médan jurit.

25. Kocap deui para Ratu,

Sumawon Sultan Mesir,

Bengong nguping Dewi Soja,

Lajo ngajongan hanteu muni,

Ningal kersa nu diajak,

Mana iklas-iklas teuing.

26. Rep peuting kocap isuk,

Di médan enggeus ngabaris,

Kangjeng Ratu Maha Sultan,

Ngajaga kasadaya uji,

Urang bujeng kana médan,

Melang ku Ermaya Sri.

27. Matur sumangga para Ratu,