Kaca:Wawacan Ahmad Muhammad.djvu/425

Ti Wikipabukon
Ieu kaca geus diuji baca

426

Raja Bantulu ngalahir.

8. Urang Mesir datang ka kitu-kituna,

Teu pantes kurang pamilih,

Eujeung teu boga era //, (185)

Euweuh nu boga peryoga,

Dating ka majukeun jurit,

Budak ngarandang,

Teu taya ras-rasan teuing.

9. leu budak masih kĕnĕh bau panglay,

leu pakiran aing,

Kawas budak anak téréna,

Hingga diparabkeun pisan,

Pake parepehna jurit,

Jeung deui siya,

Abong enya budak leutik.

10. Najan aya pikiran ngabaruang,

Marukeun teh ari jurit,

Cara anu mance,

Ganda Ermaya ngajawab,

Montong panjang urang Habsi,

Eta omongan.