Kaca:Wawacan Ahmad Muhammad.djvu/426

Ti Wikipabukon
Ieu kaca geus diuji baca

427

Kabéh ku aing kaharti.

11. Montong maké diupamakeun menca,

Mungguh nu perang ngajurit,

Ngakukeun ana jiwa muni,

Naha kitu ujang,

Ngalak (...) gama ka Mesir,

Balikan siya,

Kolot dina beuheung munding.

12. Hirup wungkul teu diurus kabalegan,

Paribasa nongtoreng teuing,

Anak tuma-tuma,

Buktina aya maneh pisan,

Rebing ceuli hanteu nguping,

Cacakan tuwa,

Hanteu aya kada ( ... ).

13. Sang Bintulu reup geuneuk pipi pariyas,

Katutun omomgan surti,

Kurang ajar para setan,

Saha siya nalaktak,

Omongan kitu ka aing.

Kumaha buktina.