Kaca:Wawacan Ahmad Muhammad.djvu/428

Ti Wikipabukon
Ieu kaca geus diuji baca

429

Biyur dibalangkeun tarik.

17. Ka baturna para Raja balad Habsah,

Kagét lami pada pusing,

Balad Mesir awas ningal,

Ger ramé kacida,

Barang eukeur surak Mesir,

Rob para Raja,

Ger deui surak para jurit.

18. Sang Ermaya (...) para Raja,

Sakalangkungpanas urang Habsi,

Kepung wakul buaya mangap,

Urang Habsi dék kalangan //, (186)

Geuwat Sang Ratu Manjeti,

Ngahadang megat,

Ingkeun baé Urang Mesir.

19. Siya campuh ulah (...),

Sanajan nepi ka pati,

Anak kula pun Ermya,

Tangtu nuhun ka Pangeran,

Keur (?) baé nguping,

Salamet hanteuna,