Kaca:Wawacan Ahmad Muhammad.djvu/429

Ti Wikipabukon
Ieu kaca geus diuji baca

430

Kabéh ponggawa Mesir.

20. Hanteu jawab ngupingkeun Sang Dewi Soja,

Ngarandeug para senapati,

Barang eukeur sasuran,

Dewi Soja jeung para sena,

Gebut aya nu nindih,

Rag-rag dipayunna,

Rob ditaksir ku Urang Mesir.

21. Anu rag-rag bet hulu éta rupana,

Dén Ahmad éta ningali,

Mésem gumujeng ningalan,

Sultan Mesir mariksa,

Sirah saha éta rayi,

Akang unjukan,

Sumuhun pariksa Gusti.

22. Bangké musuh anu ngaran Berginggang,

Sadérékna éta Habsi,

Hookeun sadaya Raja,

Barang eukeur naksir sirah,

Teu kanyoan gebut deui.

Aya nu rag-rag.