Kaca:Wawacan Ahmad Muhammad.djvu/432

Ti Wikipabukon
Ieu kaca geus diuji baca

433

Neunggeul numbak ka baturna,

Susah pisan urang Habsi.

2. Raja Habsi karék (...),

Kurang ajar geuwat beunangkeun si anjing,

Beut loba jalma teu puguh,

Siya mata peda,

Deuleu ieu nu lain purutul,

Enggeus areuweuh huluna,

Geura beunangkeun si anjing.

3. Boro loba para satriya,

Tapi naha hanteu beunang si anjing,

Mata bolotot teu puguh,

Aya hiji urang Habsah,

Nu ngajawab habut para Ratu,

leu bet héran ku Raja,

Sosowak hanteu cicing.

4. leu pangribut (?),

Taya sanés ngabélaan Raja Habsi,

Tatapi tuwan bet kitu,

Nyeuseul taya elasna.

Mélaan mata dipentangan ku puluh,