Kaca:Wawacan Ahmad Muhammad.djvu/433

Ti Wikipabukon
Ieu kaca geus diuji baca

434

Sim abdi héran kacida,

Kadangu ku Raja Habsi.

5. Raja Habsi narik pedang,

Kurang ajar paéhan éta hiji balad aing,

Hiji bubuh,

Naha siya kurang ajar,

Wani-wani ka aing bet nambalang kitu,

Aing teu hayang ditémbal,

Ku tangkorak siya babi.

6. Coba témbong beungeut siya,

Hiji Raja Radén Sedalsah ngalahir,

Geus ulah kebat bendu,

Kudu gedé sing hampura,

Among engké abdi diparinan hukum,

Ngiringan sakersa tuan,

Ayeuna rebut di jurit.

7. Raja Habsi hanteu beunang,

Beungeut marah aing teu sudi teuing,

Hanteu boga batur kitu,

Butuh hanteu susah.

Butuh sotéh aing haying bek haying nusuk.