Kaca:Wawacan Ahmad Muhammad.djvu/435

Ti Wikipabukon
Ieu kaca geus divalidasi
436
 

Sadalsah nerik manahna,
Sasambat ka putra Mesir.

11.

Duh Radén Ganda Ermaya,
Galuk bulung mahan nyari ku Habsi,
Badem musuh mahan taluk,
Kadangu ku Ganda Ermaya,
Puguh ogé nya éta anu di maksud,
Lir tatit haringing kilat,
Raja Habsi di dadali.

12.

Biyur jekok di luhur gajah,
Beuheung Habsi ku Ermaya dipuih,
Raja Habsi nyentak batur,
Saha ieu kurang ajar,
Wani-wani ngagoéangkeun beuheung aku,
Radén Ermaya ngajawab,
Montong ngaeo manéh Habsi.

13.

Enya aing Raja Sadalsah,
Digoéangkeun beuheungna eara gulali,
Dibetot sapisan sumpung.
Pogat jangga kantun bandanna,