| Dén Ermaya tina luhur gajah jeluk,
Hé sakabéh urang Habsih,
Coba ténjo masing sidik. |
| 14. | Ieu ténjo Raja siya,
Si Habsi ku aing enggeus dipaéhan,
Canggana diacung-acung,
Urang Habsi rét ningalan,
Sadayana pada muringkak pada micung kalbu,
Raja ratu bobon Habsi,
Badami sami muringis. |
| 15. | Duh batur Gusti cilaka,
Ngabélaan naon kiwari Gusti geus mati,
Najan Urang laksa ribu,
Senapati sarawuh balad,
Moal kuat taya nu untupan pupu,
Asup kana paribasa,
Ayeuna urang téh éling. |
| 16. | Ayeuna cunduk naék gajah,
Banda lapur umur urang pada mati,
Cul pakarang bung-beng kabur,
Sapu nyéré pegat simpay // , (189) |