Kaca:Wawacan Ahmad Muhammad.djvu/44

Ti Wikipabukon
Ieu kaca geus divalidasi
45
 

Ngetak Sudari Sunadir (?),
Metakeun batara kala,
Tingjarungkung urang Habsah,
Balad Habsah rusuh teuing,
Campuh pakarang,
Musuh mah teu katingal.

12.

Antukna mah silih bunuh jeung baturna,
Morobot sorana bedil,
Amung musuh teu katéwak,
Pélor keuna ka baturna,
Tingjarungkeng pada mati,
Ku polah sorangan keur mangsa eampuh perjurit urang Habsi,
Nu katémbak nu kabedil.

13.

Tingjarungkung mati ku polah sorangan,
Keur mangsa oampuh perjurit,
Jalmi nu powék pisan,
Beuki teu puguh nya rampa,
Powékna cara ti peuting,
Ahmad Muhammad,
Lakuna lir jaya (...).

14.

Lir jos-jos hanteu puguh létak,
Kumendang sarsan nyalingkir,
Rahadén Kumendang,
Lar kapayuneun Muhammad,
Keeos ditewek ku badi,
Jungkel teu nyingkah,
Radén Kumendang ngaguling.

15.

Radĕn Ahmad panasaran ku Nangkoda,
Dihaben baé ditelik,
Ki Nangkoda hanteu aya,
Mun horéng geuwat ngejat.