Kaca:Wawacan Ahmad Muhammad.djvu/45

Ti Wikipabukon
Ieu kaca geus divalidasi
46
 

Bérab halimun caang deui,
Ahmad Muhammad,
Témbong atra liwat saking.

16.

Amung balad Habsi téréh béak,
Nu hirup pada tingali,
Ka Ahmad Muhammad,
Titingalian urang Habsah,
Gedé luhur ngajungkiring,
Balad Nangkoda,
Bungbeng kabur nyalingkir.

17.

Enggeus puguh Nangkoda mah pangheulana,
Sieuneun kaliwat saking,
Jendral Leknan pada ngejat,
Amung Rahadén Kumendang,
Harita teu katingal,
Tétéla wapat,
Geus kasambut dina jurit.

18.

Balad Habsi hanteu aya // sapantos, (26)
Jendral Leknan kagét galih,
Teu beunang dikira-kira,
Lungsi tanpaingan,
Teu kantenan murangkalih,
Kuma gedéna,
Ditangkep weléh teu kenging.

19.

Dibeunangkeun nya éta Ahmad Muhammad,
Karana kawula nguping,
Carék sahiji warimah,
Nu bakal tempuh Habsah,
Moal aya anu wani,
Kaliyan éta,
Ngan Ahmad Muhammad pasti.